Prasasti Kawali atawa Prasasti Astana Gedé nujul ka sakumpulan prasasti (sahanteuna aya genep) nu kapanggih di Kabuyutan Astana Gedé di Kawali, Ciamis, Jawa Kulon.[1] Prasasti ieu ngagunakeun basa jeung aksara Sunda Kuna (Kaganga).[1] Najan teu mibanda candrasangkala, tina prasasti Kawali I bisa dikira-kira asalna dumasar ngaran raja nu disebut dina éta prasasti.[1]
Dumasar babandingan jeung titinggal sajarah lianna, kayaning Carita Parahyangan jeung Pustaka Rajya-rajya i Bhumi Nusantara, bisa cindekkeun yén prasasti Kawali I mangrupa sakakala atawa pangéling-ngéling ka Prabu Niskala Wastu Kancana (Prabu Raja Wastu), nu ngadaton karajaan Sunda ti Kawali, putra Linggabuana nu gugur nalika perang Bubat.[1]
Prasasti Kawali I mibanda tulisan di dua sisi, nyaéta di bagian beungeut jeung bagian sisi nu kandel.
Tulisan di bagian beungeut prasasti (per baris):
Tulisan di bagian sisi nu kandel (per baris):
Prasasti Kawali II ditulis dina batu alam, jangkungna 125 cm, lébar luhur 80 cm, lébar handap 69 cm. Eusina aksara jeung basa Sunda Kuna, ditulis dina hiji sisi, kabagi tujuh baris.[2]
Baris | Alih aksara | Alih basa |
---|---|---|
1 | ºaya ma | muga aya |
2 | nu ṅösi ºi | nu ngeusi |
3 | na kawali ºi | di Kawali i- |
4 | ni pakena kě | ni yang melaksanakan ke- |
5 | ºṛta běněr | makmuran dan kéadilan |
6 | pakön na[n]jör | pakeun nanjeur |
7 | na juritan | na juritan |
Prasasti Kawali III anu maké basa jeung aksara Sunda kuna ditatahkeun dina batu alam nu ditangtungkeun kawas ménhir. Jangkungna 120 cm, lébar luhur 22 cm, lébar tengah 55 cm, lébar handap 55 cm, sarta kandel 18 cm.
Baris | Alih aksara | Alih basa |
---|---|---|
1. | saŋ hyaŋ liŋ | Sang Hyang Ling- |
2. | ga hyaŋ | ga Hyang |
Eusi (Darsa, 1998):
Ini Preting
galna nu atis
ti rasa aya ma nu
ngeusi dayeuh baweu
ulah botoh bisi
kokoro
"Inilah amanat dari mendiang yang telah sempurna, bagi siapapun yang tinggal di negeri ini, jangan serakah karena akan menimbulkan kesengsaraan/penderitaan/kemiskinan."
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |