Prasasti Batutulis geus dialihaksarakeun ku sababaraha urang ahli, di antarana Friederich (1853), Holle (1869), Pleyte (1911), Poerbatjaraka (1921), jeung Noorduyn (1957), Danasasmita, jeung Djafar (2009)[2]:
θ θ wang na pun ini sakakala, prĕbu ratu purane pun, diwastu
diya wingaran prĕbu guru déwata prana diwastu diya dingaran sri
baduga maharaja ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu de
wata pun ya (siya) nu nyusukna pakwan diya anak rahiyang dewanis
kala sang sida mokta di guna tiga i(ny)cu rahiyang niskala wastu
ka(ny)cana sang sida mokta ka nusa larang, ya siya nu nyiyan sakaka
la, gugunungan, ngabalay, nyiyan samida, nyiyan sang hiyang talaga
(wa)rna mahawijaya, ya siya pun θ θ i saka, panyca panda