Pasir nyaéta hiji tempat anu kaayaanna leuwih luhur ti sabudeureunna tapi leuwih handap tur leutik ti batan gunung.[1] Pasir luhurna kurang ti 600 méter, taneuh pasir henteu rumpil atawa ngagawir, pasir wangunna henteu pati lega.[2] Dina basa Indonesia pasir disebut bukit; basa Inggris (hill).[2][3]
Sanajan wanguna kawas gunung, pasir béda jeung gunung sanajan henteu pati écés wates-watesna, hiji tempat disebut pasir upama luhurna henteu leuwih ti gunung sarta tanjakanna henteu netek kawas gunung.[2] Di Inggris ahli géografi mertélakeun cenah anu disebut pasir téh upama mibanda luhur henteu leuwih ti 304,8 méter tina beungeut cai laut.[3] Aya ogé anu nyebutkeun hiji tempat digolongkeun ana pasir upama mibanda luhur sahandapeun 600 méter.[4] Di Skotlandia malahan nyebut kana gunung téh pasir, buktina dina gunung-gunung anu aya di éta wewengkon loba anu mibanda ngaran dimimitian ku sebutan pasir atawa hill (Cuillin Hills Jeung Torridon Hills), urang Amerika malahan henteu mibanda wates anu leuwih écés ngeunaan bédana pasir jeung gunung.[5] Dina basa Malayu, pasir téh hartina sarua jeung gunung, contona nyebutkeun gunung anu ngajajar di Pulo Sumatra disebut Bukit barisan.[6] Umumna, pikeun industri, pasir anu dijual kudu gaduh sabaraha dokumén sapertos MSDS atawa Material Safety data Sheets sareng COA atawa Certificate of Analysis.
Taneuh pasir kagolongkeun kana taneuh kelas 6 jeung 7 anu mibanda ciri mandiri:
Taneuh pasir ilaharna dimangpatkeun pikeun melak palawija atawa paré huma, tapi henteu saeutik anu dipelak tangkal séjénna.[8] Di Garut taneuh pasir dimangpaatkeun pikeun melak tangkal séréh wangi (Cymbopogon nardus) lantaran ieu tangkal kudu katojo ku cahaya panon poé langsung (ulah kahieuman), ari di Manado mah pasir-pasir téh loba dipelakan tangkal cengkéh.[9] [10]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |