Pakeman basa nyaéta basa anu wangunna angger atawa matok, diwangun ku runtuyan kecap-kecap nu geus matok , cicing, hésé dionggétonggétna, atawa hésé robahna.. najan kitu, teu ngandung harti pakeman basa téh henteu robah, pakeman basa bisa robah najan ngan saeutik [1]. Ceuk Salmun, pakeman basa nyaéta kalimah atawa gundukan kecap anu geus dipatok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang robah, boh robah unina atawa ejahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun [2]. Dina basa Indonésia, pakeman basa disebut ungkapan kata atawa idiom. Ulikan pakeman basa disebutna ''Idiomatik''. Dipatalikeun kana harti nu dikandungna, nyaéta harti idiomatik, ulikan pakeman basa téh bisa digolongkeun kana ulikan harti semantik atawa élmu harti. Ari idiomatik nyaéta maluruh jeung medar sagala rupa gejala idiom (pakeman basa) katut hartina. Enggoning nerangkeun gejala-gejala idiom katut hartina, padika anu ilahar digunakeun ku semantik bisa dimangpaatkeun ku idiomatik.
Pakeman basa ilaharna ngandung harti husus tur mandiri. Contona wangunan gedé hulu mangrupa pakeman basa anu ngandung harti ' sombong , ria , takabur , béda jeung harti unsur-unsurna boh gedé boh unsur hulu. Prawirasumantri & Suriamiharja ngajéntrékeun tujuh perkara anu kagolong pakeman basa atawa idiom [3]. nyaéta:
Sudaryat ngabagi pakeman basa jadi 12 wanda. ieu di handap dijéntrékeun saperluna. Dina basa sunda aya rupa-rupa ungkara atawa kecap anu kaasup kana pakeman basa (idiom), di antarana waé, (1) kekecapan, (2) babasan, (3) paribasa, (4) kecap kiasan, (5) rakitan lantip, (6) cacandran, (7) uga, (8) candrasangkala, (9) caturangga, (10) caturangga ucing, jeung (11) repok. Jaba ti éta aya ogé nu disebut (12) Wirasat kayaning wanci, karang, lelemah piimaheun, jeung (13) Pranata mangsa [4].