patani pamayang tukang dagang kebojengkeng jururawat Pakasaban atawa patukangan nyaéta pagawéan anu dilakonan ku manusa pikeun nyumponan pangabutuh kahirupan sapopoé.[1]
Mayoritas pakasaban masarakat Sunda nyaéta minangka patani, nambang keusik, sarta ngahuma .[2]
Nepi ka abad ka-19 , loba masarakat Sunda anu ngahuma ku cara pundah-pindah. Di kota mah, loba urang Sunda anu gawéna jadi buruh pabrik, pagawé nagari, sarta jadi pembantu.[2]
Anu sok dagang kuriling loba ogé dilakonan ku masarakat Sunda , utamana asal Tasikmalaya sarta Garut . Maranéhanana loba ngajual rupa-rupa parabot rumah tangga.[2]
Pakasaban anu pokok di masarakat Sunda téh aya 3, nyaéta :
Dina widang pakebonan, di antarana pepelakan téh, kalapa sawit, karét , jeung kina .[2]
Dina widang tatanén, saperti paré , palawija , jeung sayuran .[2]
Dina widang perikanan, saperti pamayang , tambak udang, jeung perikanan ikan.[2] Salian tani, aya ogé anu pakasabanana jadi tukang dagang, pengrajin, jeung peternak.[2]
Amil nyaéta tukang nguruskeun saniskara nu aya patalina jeung perkara agama di désa , disebut ogé lebé .[1]
Anjun nyaéta tukang nyieun barang gagarabah (parabot dapur ) tina taneuh .[1]
Badaya nyaéta tukang ngigel (biasana awéwé), di karaton atawa di kabupatén , igelna ogé igel badaya.[1]
Baluk nyaéta awéwé tukang dagang ngider.[1]
Baramaén nyaéta tukang jajaluk. Ilikan jajaluk /musafir.[1]
Bas nyaéta tukang kai atawa tukang nyieun wawangunan (imah ).[1]
Béngkong nyaéta tukang nyunatan (paraji sunat).[1]
Bujangga nyaéta pangarang jeung ahli dangding nu mashur lantaran hasil-hasil karyana, ahli basa /sastra (ahli pikir nu palinter).[1]
Candoli nyaéta tukang ngajaga jeung méréan sagala rupa bahan dahareun di nu kariaan (biasana awéwé).[1]
Dalang nyaéta 1.tukang ngalalakonkeun carita carita wayang ; 2. pamingpin rombongan réog ,calung ,jsb.[1]
Dokter nyaéta ahli ngubaran kasakit lulusan paguron luhur.[1]
Dukun nyaéta tukang ngubaran kasakit ku jampé , urut, atawa ku padika anu béda jeung dokter .[1]
Gending nyaéta tukang nyieun parabot tina kuningan , hususna tatabeuhan saperti gamelan , jeung sajabana.[1]
Indung beurang nyaéta tukang ngurus nu ngajuru jeung ngurus orok (biasana awéwé), disebut ogé paraji.[1]
Jagal nyaéta tukang meuncit munding , sapi jeung sajabana.[1]
Jobong nyaéta awéwé nu nampa bayaran tina hubungan séxs di luar nikah.[1]
Jurualok nyaéta tukang ngeuyeub-ngeuyeub kawih atawa kakawihan .[1]
Jurubayar nyaéta tukang ngabagikeun duit bayaran ka anu hak nampana.[1]
Juruladén nyaéta tukang ngalayanan anu balanja di toko.[1]
Jurumudi nyaéta tukang ngamudikeun kapal laut.[1]
Jurupantun nyaéta tukang nyarita atawa ngadongéng diselang-selang ku ngawih bari nabeuh kacapi .[1]
Kabayan nyaéta tukang 1.ngajaga paséban (baheula);2.tukang ngaladénan dina hajatan.[1]
Kajineman nyaéta tukang ngajaga sakitan, mandor sakitan.[1]
Kamasan nyaéta tukang nyieun perhiasan tina emas atawa pérak .[1]
Kebojéngkéng nyaéta tukang ngagusur padati .[1]
Koki nyaéta tukang ngieun kaolahan, juru masak.[1]
Kulaér nyaéta kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung.[1]
Kuncén nyaéta tukang ngurus kuburan .[1]
Malim nyaéta tukang meruhkeun sasatoan galak.[1]
Mandor nyaéta tukang nalingakeun jeung ngatur pagawé.[1]
Modin nyaéta tukang adan.[1]
Pamayang nyaéta tukang ngala lauk di laut .[1]
Nayaga nyaéta tukang nabeuh gamelan .[1]
Panday nyaéta tukang ngieun barang/parabot tina beusi .[1]
Paraji nyaéta tukang nyunatan atawa tukang nulungan nu ngajuru.[1]
Patani nyaéta tukang ngagarap taneuh supaya kaala hasil tatanenna.[1]
↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak (id) Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.
↑ a b c d e f g (id) Rosyadi. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak. CV Manfada Utama. Bandung 2000.
Artikel ieu mangrupa taratas , perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan .