Okurigana (送り仮名, hartina "hurup nu nuturkeun") nyaéta ahiran kana nu nuturkeun kanji dina tulisan Basa Jepang. Ilaharna dipaké dina kecap sipat atawa gawe, okurigana bisa nunjukkeun tense (kamari, ayeuna atawa isukan), harti tanya atawa negatip, atawa basa lemes, salian ti fungsi séjénna. Dina pamakéan kiwari, okurigana ampir kabéh ditulis maké hiragana; sedengkeun baheula maké katakana.
Kecap sifat dina Basa Jepang maké okurigana keur nembongkeun tense sarta tanya/negatif, kabéhanana diteundeun di tukang saperti ahiran. Conto gampang karakter "高" (luhur) keur nembongkeun opat sifat dasar dina kecap sifat Basa Jepang. Harti séjén tina kanji ("高", macana taka sarta hartina "luhur" dina unggal kasus), mibanda harti nu penting ku maca okurigana nu nuturkeun éta kanji.
Kecap gawe dina Basa Jepang nuturkeun pola nu ampir sarua; akar hartina sacara ilahar digambarkeun ku maké hiji atawa leuwih kanji dina kecap mimiti saterusna "tense", sangkalan, tata basa lemes, jeung basa séjénna digambarkeun ku nuturkeun okurigana.
Bandingkeun kecap gawe lemes langsung dina bentuk aya jarak, nu dituturkeun ku pola nu ampir sarua, tapi hartina nunjukkeun aya jarak antara nu ngobrol jeung nu ngadengekeun:
Okurigana dipaké ogé keur kanji nu ngabingungkeun nyaéta nu mibanda sababaraha cara maca. Kanji, hususna leuwih ilahar, bisa dipaké keur kecap nu hartina (ilahar sarua) —tapi béda cara ngucapkeunna—konci okurigana disimpen sanggeus kanji mantuan nu maca keur nyaho harti jeung cara macana.
Conto nu kecap gawe ilahar ngabingungkeun nu maké karakter "上" (naek) jeung "下" (turun):
Kementrian Pendidikan Jepang nerangkeun aturan cara maké okurigana, dina praktékna loba pisan variasi, sabagéan dina teks heubeul jeung online. Contona, ejaan standar kecap "kuregata" nyaéta 暮れ方, tapi kadang-kadang 暮方.
-->