OSVIA atawa sakola ménak (Hoofdenschool) nyaéta nu diadegkeun di Bandung taun 1878 M téh.dina taun 1900 M mah dirobah jadi OSVIA. Ieu sakola téh tujuannana pikeun calon pagawé ti pribumi tur diajarkeun tatakrama Kulon. Jadi kabiasaan nyembah heula saméméh nyarita téh dileungitkeun.[1]
Dina taun 1927 OSVIA dirobah jadi MOSVIA {M téh singkatan tina Middlebare,hartina menengah}.[1] Lila diajarna tujuh taun,kelas persiapan (Voorbereide Afdeelingen) lilana dua taun,kelas vak A (Vakschool Afdeelingen) lilana tilu taun,jeung Vak B (Vakschool Afdeelingen B) lilana dua taun.[1]