Minyak atsiri; minyak ésénsial; nyaéta minyak tina tutuwuhan anu kaambung seungit tur mibanda sipat gancang kabur (menguap/volatil).[1] Ieu minyak dipibanda tina Rempah-rempah anapon Herbal, dina rempah-rempah ilaharna ngahasilkeun minyak 2%.[1] Atsiri tina rempah-rempah aya dua rupa :
Conto minyak atsiri anu mindeng dimangpaatkeun salaku flavor/nambahan rasa dina kadaharan, kayaning minyak séréh (citronella), minyak almon, minyak cengkéh, jeung réa-réa deui. [1] Minyak atsiri mibanda poténsi bisnis anu pohara hadéna, unggal taun paménta pasar ngaronjat 10%.[2] Ieu alatan ku kasadaran masarakat pikeun balik deui kana ngagunakeun bahan-bahan alami, sarta mingkin loba anu nyaho kana mangpaat jeung kagunaan minyak atsiri.
Di provinsi2 Indonésia kurang leuwih aya kana 120 - 200 jinis tutuwuhan anu bisa diala minyakna, ieu gumantung kana lahan jeung lingkunganna.[2] Sababaraha Provinsi jadi puseur/sentra penghasil minyak atsiri, saperti:
Dihandap ieu sababaraha tutuwuhan anu sok diarah minyak atsirina:
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |