Lutung
Langur Francois
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Cercopithecidae
Génus:
Trachypithecus

Reichenbach, 1862
Type species
Trachypithecus auratus
Lutung Jawa
Spésiés

17, baca téks

Lutung (atawa dina basa deungeun mah disebut ogé langur) mangrupa kelompok monyét Dunya Kuna pangeusi genus Trachypithecus. Sebaranana dibagi dua: Asia tenggara (India kalér-wétan, Cina kidul, Kalimantan, Jawa, jeung Bali) jeung India kidul sarta Sri Langka.

Lutung boga dedegan langsing jeung buntutna panjang. Kelir buluna rupa-rupa gumantung spésiésna, ti hideung jeung kulawu nepi ka konéng emas. Leungeunna kawilang pondok mun dibandingkeun jeung sukuna, komo jempolna mah; dampal leungeun jeung sukuna teu buluan. Ukuran lutung antara 40–80 cm, sedengkeun beuratna 5–15 kg; jaluna leuwih gedé batan bikangna. Tonjolan luhureun panonna jadi pangbéda lutung ti dulur deukeutna, surili.

Lutung hirup di leuweung, utamana leuweung hujan. Sapopoéna gugulayunan jeung luluncatan dina tatangkalan. Najan kaasup golongan sato beurang (sato diurnal), giatna mah leuwih loba dina wanci isuk atawa pasosoré. Hirupna ngagorombol antara 5 nepi ka 20-an nu ngawasa hiji wilayah, dipingpin ku hiji jalu. Sorana nu tarik ditujukeun pikeun ngajauhkeun gorombolan lianna.

Lutung kaasup hérbivora, utamana ngahakan dangdaunan, bungbuahan, jeung kuncup kekembangan. ku sabab kadaharanana kadang mangrupa bahan nu heuras, burihna mibanda sababaraha 'kamar'.

Ilaharna, lutung anakan hiji-hiji, tara kembar (keureuneuhna tujuh bulan). Anu lucu, bulu anakna téh boga kelir konéng emas, dipiara ku sakabéh bikang dina éta gorombolan. Nincak umur sawawa mun geus 4-5 taun, lutung bisa hirup nepi ka 20 taun.

Spésiés

Anak lutung

Rujukan

Baca ogé

Tumbu kaluar