Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
Mihrob – Ka'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
Fiqih – Fatwa – Syari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Solat Lohor (Basa Arab: صلاة الظهر‎) nyaéta solat sanggeus tengah poé (tapi saméméh kalangkang sarangéngéngaleuwihan panjang barang aslina). Dilakukeun unggal poé ku urang Muslim, mangrupa salah sahiji tina solat lima . Solat lima waktu sacara koléktif ngawangun salah sahiji tina Rukun Islam, dina Islam Sunni, sarta salah sahiji tina (sapuluh) Furuu'-ad-diin dina Islam Si'ah. Nalika indit-inditan, numutkeun sabasaraha madhab, bisa diqoshor jadi dua roka'at atawa dihijikeun jeung solat Asar. Solat Lohor disebutkeun dina Al Qur'an Q.S 17:78.

Dina Islam Sunni atawa Si'ah, solat opat roka'at diwajibkeun sarta bacaannana dibaca 1 (anca). Dina Islam Sunni, fardu opat roka'at jeung sunnah 2 roka'at sabadana kacida dianjurkeunnana.

Dina poé Juma'ah, solat Lohor diganti ku solat Juma'ah, nu mangrupa kawajiban pikeun sakabéh Muslim lalaki nu geus balég, dumuk di hiji tempat sarta teu boga hahalang saperti gering jeung sajabana.

Wanci

[édit | édit sumber]

Wanci lohor ditangtukeun béda-béda ku sababaraha golongan Islam. Tapi nu pasti, panghadé-hadéna nyaéta buru-buru ngadegkeun solat nalika wanci geus manjing, sarta kacida goréngna lamun heug kudu nunda-nunda.

Islam Si'ah

[édit | édit sumber]

Wanci numutkeun Islam Si'ah nyaéta:

Islam Sunni

[édit | édit sumber]

Wanci numutkeun Islam Sunni nyaéta:

Catetan

[édit | édit sumber]

1Saperti pikeun solat nyorangan. Bacaan henteu ditarikkeun kajaba takbir nu nandaan tiap tahap dina solat.

Tempo Ogé

[édit | édit sumber]