Kohkol atawa dina basa Indonésia mah disebut kentungan mangrupa salah sahiji waditra bisa dijieun tina awi atawa tina kai. [1] Kohkol tina kai pangawakanna leuwih gedé katelah ogé borogodod [2], panjang kurang leuwih saméter nepika saméter satengah, buleudna opat puluh sénti. Dipilemburan kohkol dipibanda ku unggal masjid jeung pos ronda. [3]
Kohkol ditabeuh mangsana dibutuhkeun pikeun tangara geus cunduk kana waktu solat[4], bisawaé ditabeuh pikeun panggentra ngumpulkeun masarakat ngayakeun gempungan ditempat anu geus maneuh[4], malahan kohkol ditabeuh dina salah mangsa umpamana tengah peuting éréng jentréng pikeun totondén ayana bégal atawa jalma jahat anu ngulampreng ka jero lembur.[5]
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Slit drums . |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |