R.A. Kartini | |
---|---|
Repro negatif potret Raden Ajeng Kartini (foto 1890-an) | |
Babar | 21 April 1879 Jepara, Hindia Belanda (sekarang Indonesia) |
Pupus | 17 Séptémber 1904 (yuswa 25) Rembang, Hindia Belanda (sekarang Indonesia) |
Ngaran séjén | Raden Ayu Kartini |
Katelah ku | Emansipasi wanita |
Ageman | Islam |
Pasangan | K.R.M. Adipati Ario Singgih Djojo Adhiningrat |
Tawis leungeun |
Radén Adjeng Kartini (gumelar di Jepara, Hindia Belanda, 21 April 1879 – maot di Rembang, Hindia Belanda, 17 Séptémber 1904 dina umur 25 taun) leuwih kakoncara ku ngaran Radén Ayu Kartini[1] mangrupa saurang tokoh pahlawan Nasional Indonesia ogé salaku pelopor kadigjayaanna wanoja pribumi.
Radén Adjeng Kartini ti kalangan priyayi atawa aristokratik kelas Jawa. Anjeunna nyaéta putri ti Radén Mas Adipati Ario Sosroningrat, salaku adipati anu diangkat jadi bupati Jepara sanggeusna Kartini lahir. Kartini ieu putri nu kahiji.[2]
Presiden Soekarno ngaluarkeun Kaputusan Présiden Républik Indonésia Nomer 108 Tahun 1964, tanggal 2 Méi 1964, nu eusina nyaéta nangtukeun yén Kartini dijadikeun pahlawan nasional sakaligus ditetapkeun ogé yén setiap tanggal 21 April téh dijadikeun poé Kartini atawa Hari Kartini.