Kala Sunda nyaéta pananggalan nu geus aya di Tatar Sunda ti jaman baheula kenéh, kurang leuwih ti jaman Aki Tirem di Karajaan Salakanagara. Taunna dingaranan Caka Sunda.

Panalungtikan

[édit | édit sumber]

Kala Sunda salila mangabad-abad kakubur ku jaman. Panalungtikan deui ngeunaan Kala Sunda ieu kakara diayakeun deui ku Abah Ali kalayan rojongan ti Yayasan Candra Sangkala, nu sabenerna mah Abah Ali téh seja nyieun kalénder ieu ti taun 1983 mula, tapi ku lantaran loba halangan jeung harungan, kakara bisa medal tanggal 18 Januari 2005 di pendopo bumi dines Walikota Bandung, Jalan Dalem Kaum, maké upacara adat Sunda anu tartib. poé ieu marengan tanggal 1 Suklapaksa (parocaang) bulan Kartika taun 1941 Caka Sunda.

Taun dina Kala Sunda

[édit | édit sumber]

Dina nangtukeun taun, aya dua wangun taun nyaéta Kala Saka anu dumasar kana Surya atawa panonpoe, jeung Kala Caka anu dumasar kana Candra (bulan). Masing-masing taun wanoh kana taun pondok (Surya 365 poe, Candra 354 poe) jeung taun panjang (Surya 366 poe, Candra 355 poe). Kala Surya Saka Sunda (Taun Surya) aturannana, tilu taun pondok, kaopatna panjang. Tapi unggal taun nu béak dibagi 128, bakal dijadikeun taun pondok. Dina taun Hijriah mah taun pondok téh sok disebut Taun Kabisat. Ahir taun Surya nyaéta nalika panonpoe aya di titik pangkidulna.

Kala Candra Caka Sunda (taun Candra) aturannana yén dina sawindu (8 taun), taun ka-2, ka-5, jeung ka-8 nyaéta taun panjang, sesana taun pondok. Unggal taun ka-120 dijadikeun taun pondok. Unggal taun nu béak dibagi 2.400 dijadikeun taun panjang

Bulan dina Kala Sunda

[édit | édit sumber]

Saka Sunda

[édit | édit sumber]

Bulan-bulan dina Saka Sunda nyaéta:

Caka Sunda

[édit | édit sumber]

Cirina Caka Sunda nyaéta maké Suklapaksa (paro caang bulan) jeung Kresnapaksa (paro poek bulan). Taun Caka Sunda wanoh kana 12 bulan, nyaéta:

Poé dina Kala Sunda

[édit | édit sumber]

Poé-poé dina Kala Sunda kabagi jadi dua nyaéta:

Sapta Wara


Gabungannana disebut panca wuku = 7x5 =35 poe

Saptawara

[édit | édit sumber]

 Saptawara nyaéta etangan nu jumlahna tujuh poé (Saminggon) dina pananggalan kalénder Sunda

Minangka ugeran anu dipaké pikeun gerakan ( Solah ) Bumi sareng Bulan

Bénten sareng Panca wara anu mangrupa gerakan Bulan sareng Bumi

Pancawarna

[édit | édit sumber]

Babandingan Kala Sunda jeung kala séjén

[édit | édit sumber]

Kala Sunda jeung Taun Maséhi

[édit | édit sumber]

Taun 52 Saka, Aki Tirem kacaturkeun masrahkeun karajaan ka putrana , Nyi Putri Rarasati nu ditikah ku Dewa Warman ti India. Karajaanna nu disebut Salaka Nagara. Taun harita pamianganana ngitung kala teh, ti mangsa Aki Tirem masrahkeun karajaan ka putrana, ditetepkeun jadi taun Hiji Sunda. saméméhna, Aki Tirem téh ngasta kaprabon Sunda anu nurutkeun taksiran Abah Ali mah di wilayah Pandeglang ayeuna. Hartina, carita Salaka Nagara jaman Aki Tirem, ninggang dina abad kadua ( 122 Masehi).

Kala Sunda jeung Taun Hijriyah

[édit | édit sumber]
Bagian ieu pondok kénéh. Anjeun bisa mantuan ku jalan nambahannana.


Kala Sunda jeung Kala Saka India

[édit | édit sumber]
Bagian ieu pondok kénéh. Anjeun bisa mantuan ku jalan nambahannana.


Kala Sunda jeung Kala Jawa Islam

[édit | édit sumber]

Kala Jawa Islam biasa disingget Kala Jawa, Tarikh Jawa, Alamanak Jawa, Taun Jawa atawa taun Saka. Babandingannana jeung Kala Sunda di antarana nyaéta:

Kaciplesan Kala Sunda

[édit | édit sumber]
Bagian ieu pondok kénéh. Anjeun bisa mantuan ku jalan nambahannana.


Tempo oge

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]