International Standard Serial Number - ISSN (Nomor Séri Standar Internasional) nyaéta hiji nomer husus anu dipaké salaku ciri publikasi dina waktu anu tangtu tina hiji media cetak anapon éléktronik. Nomer ieu kawas no anu dijieun pikeun buku anu tayalian ISBN.


Anu ngatur kaluarna ISSN di Indonésia

[édit | édit sumber]

Pusat Dokumentasi dan Informasi Ilmiah (PDII) LIPI tayalian lembaga pamaréntahan anu bisa ngaluarkeun no ISSN National Center pikeun pamakéan nagara Indonésia, sarta mibanda tugas jeung wewenang pikeun ngalaksanakeun tugas ngaroris sakabéh publikasi périodik nu dipedalkeun di Indonésia. Salaku bagéan tina éta tanggung-jawab, PDII ngaluarkeun ISSN anu mangrupa tanda pangwanoh anu husus unggal aya média anu medalan sarta lumaku sacara global.

ISSN dikaluarkeun ku [ISDS] (International Serial Data System) anu dumuk di Paris, Prancis. ISSN diadopsi salaku implementasi ISO-3297 dina taun 1975 ku Subkomite no. 9 ti Komite Téknik no. 46 tina ISO (TC 46/SC 9).[1] ISDS ngadelegasikeun méré nomer ieu ISSN boh sacara régional anapon Nasional. Pikeun régional Asia puseurna di Thai National Library, Bangkok, Thailand. PDII LIPI mangrupakeun hiji-hijina ISSN National Centre pikeun Indonésia.

Tisaprak 1 April 2008, sakabéh prosés timimiti daptar nepika medalna ISSN di Indonésia geus dilakukeun sacara élektronik ngaliwatan situs ISSN Online Archived 2020-07-31 di Wayback Machine anu dikokolakeun PDII LIPI. Ku ayana ieu sistim leuwih ngagampangkeun ngokolaan ISSN, murah jeung siparna nembrak. Leuwih ti éta sistem ieu méré fasilitas tambahan mangrupa barcode generator online anu bisa dipaké pikeun nyieun kodebar ISSN henteu kudu mibanda pakakas atawa softwarena anu hargana lumayan mahal. Fasilitas ieu mangrupakeun anu munggaran di dunya tur diintegrasikeun kana ngokolaan ISSN.


Nomor ISSN jeung kodebar

[édit | édit sumber]

Sarua jeung ISBN, kodebar pikeun ISSN ngagunakeun EAN-13 anu diwangun ku 13 digit. Tapi nomer ISSN diwangun ku kombinasi 8 angka jeung hurup X. Tapi nomer husus salaku identifikasi ISSN ngan 7 angka pangheulana, sedengkeun angka / hurup X anu pandeuri tayalian karakter cék ISSN.

Sedengkeun kodebar ISSN memakai standar EAN-13 anu diwangun ku kombinasi 13 angka jeung hurup X, cirina 3 angka panghareupna 977 dituturkeun ku 7 angka pang hareupna nomer ISSN, 2 angka tambahanna pikeun kode medalna media tur 1 karakter cék EAN-13.

Pikeun leuwih jero ngeunaan ISSN sarta kodebarna bisa dibaca di halaman manual ISSN Online.[2]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. ISO 3297:1975 - Documentation
  2. "ISSN Online". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2020-07-31. Diakses tanggal 2008-05-24.  Archived 2020-07-31 di Wayback Machine

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]