Immanuel Kant

Immanuel Kant (gumelar di Königsberg, Kerajaan Prusia, 22 April 1724 – maot di Königsberg, Kerajaan Prusia, 12 Pébruari 1804 dina umur 79 taun). Kiwari, kota kalahiranana ngaranna Kaliningrad di Rusia. Anjeunna ti kulawarga pengrajin basajan. Nalika Kant keur ngora, bisnis anu dipiboga ku bapana bangkrut. Kahirupan kulawargana kudu dirojong ku kulawarga nu séjénna sapiri umpi. Kant miboga sikep handap asor jeung disiplin anu luhur.

Kant tuluy jadi professor logika jeung metafisika di Universitas Königsberg. Anjeunna rutin midangkeun ceramah ngeunaan géografi fisik. Ieu kagiatan terus dilaksanakeun sapanjang taun 1796. Dina bubuka kuliahna, anjeunna nekenkeun tempat géografi di dunya ilmiah. Anjeunna méré dadasar filosofis géografi salaku pangaweruh ilmiah.

Biografi

[édit | édit sumber]

Immanuel Kant babar dina taun 1724 di Königsberg. Jenengan bapana nyaéta Johann Géorg Kant, salah saurang ahli nyieun baju zirah (baju beusi), jeung Anna Regina Kant.[1] Lian ti éta, bapana dipikawanoh minangka ahli nu dagang, tapi dina taun 1730 nepi ka 1740 dagang di Königsberg beuki nyirorot hasilna. Ieu kaayaan mangaruhan bisnia bapana, antukna nyieun kahirupan kulawargana kakurangan. Indungna maot nalika Kant umur 13 taun, ari bapana Kant nalika umurna ampir 22 taun. Kant diajarkeun atikan dasar di Saint Géorge, tuluy neruskeun ka Collegium Fredericianum, hiji sakola anu ngagem ka ajaran Pietist. Kulawarga Kant sarua ngagem tina agama Pietist, nyaéta agama di Jerman anu kapercayaanna kana agama pangalaman jeung pangajaran kitab suci. Dina taun 1740, Kant kuliah di Universitas Königsberg jeung neuleuman filsafat, matematika, jeung élmu alam. Sanggeus kitu, anjeunna digawé minangka guru swasta salila tujuh taun jeung dina sawaktu Kant nerbitkeun sababaraha naskah nu patali jeung pananya ilmiah. Dina taun 1755-1770, Kant digawé minangka dosen kalawan ngahasilkeun sababaraha sarjana teks rupa-rupa jejer. Gelar professor dicangking Kant di Königsberg dina taun 1770.[2]

Daptar karya

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. (Basa Inggris)Manfred Kuehn (2001). Kant: A Biography. Cambridge University Press. ISBN 978-0-521-49704-6. 
  2. Immanuel Kant. Encyclopedia of World Biography.