Otak: Hypothalamus
Perenah hipotalamus manusa
Diencephalon
Latin hypothalamus
Gray subject #189 812
NeuroNames hier-358
MeSH Hypothalamus
NeuroLex ID birnlex_734

Hipotalamus nyaéta bagian dina otak nu ngandung sababaraha nukléi/inti leutik nu boga rupa-rupa pancén. Salah sahiji pancén pangpentingna anu dipibanda ku hipotalamus nyaéta nyambungkeun sistem saraf ka sistem éndokrin ngaliwatan kelenjar pituitari (hipofisis). Hipotalamus (tina basa Yunani ὑποθαλαμος = handapeun talamus) perenahna di handapeun talamus, luhureun batang otak. Dina terminologi neuroanatomi, hipotalamus téh mangrupa bagian ventral dina diencephalon. Hipotalamus aya dina otak sakabéh vertebrata.

Hipotalamus boga pancén dina sababaraha prosés métabolik jeung kagiatan Sistem Saraf Otonom. Suborgan téh nyieun jeung ngaluarkeun neurohormon, nu salajengna bakal ngarangsang atawa nyaram sékrési hormon-hormon pituitari. Hipotalamus ngatur temperatur awak, rasa lapar, hana'ang[1], fatigue, jeung daur sirkadian.

Baca ogé

Rujukan

  1. Definition of hypothalamus - NCI Dictionary of Cancer Terms Archived 2007-10-14 di Wayback Machine

Rujukan lianna

Tumbu kaluar

Sistem éndokrin - édit
Kelenjar adrénal | Corpus luteum | Hipotalamus | Ginjal | Ovarium | Pangkréas | Kelenjar paratiroid | Kelenjar pinéal | Kelenjar pituitari | Téstis | Tiroid