Haramay
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Urticales
Kulawarga:
Urticaceae
Génus:
Boehmeria
Spésiés:
B. nivea
Ngaran binomial
Boehmeria nivea
(L.) Gaudich.

Haramai atawa rami (Boehmeria nivea) mangrupa tutuwuhan kembangan ti kulawarga Urticaceae nu asli ti wewengkon Asia wétan. Haramay téh tutuwuhan taunan (perennial) nu bisa tumuwuh di wewengkon nu luhurna 0–1500 m lbl, jangkungna bisa nepi ka 2 méter; daunna ngabentuk jantung nu panjangna 7–15 cm sarta lébar 6–12 cm, lebah handapna bodas jeung buluan. Tumuwuhna bakal subur di wewengkon nu wangunan taneuhna gembur, lempung keusikan, loba ngandung bahan organik, pH 5,4-6,6, sarta curah hujan 1200–2000 mm/taun.

Budidaya jeung mangpaatna

[édit | édit sumber]

Haramay mangrupa tutuwuhan serat pangbuhunna, sabab sahanteuna geus dipaké salila genep réwu taun nu utamana dipaké pikeun ngahasilkeun kaén, nyaéta serat tina floém kulit kaina. Di wewengkon nu cocog, haramay bisa dipanén genep kali sataun (unggal 50-60 poé). Teu kawas tutuwuhan sumber serat séjénna, haramay merlukeun olah kimia pikeun miceun gum seratna.

Ti anara serat alam lian ti kapas, haramay ngahasilkeun serat nu panghadéna pikeun kaén/tékstil, sabab di sagigireun kuat jeung daya serep cai nu leuwih luhur batan kapas, kelirna ogé herang kawas sutra alam. Haramay biasana dicampur jeung serat lianna kayaning kapas atawa wol.

Lian ti kaunggulan seratna, haramay ogé mibanda ajén lingkungan anu punjul, sabab tumuwuhna rapet sarta akarna jero antukna struktur taneuh kajaga, teu gampang érosi.

Kiwari, haramay utamana dihasilkeun di Cina, Brazil, Filipina, India, Koréa Kidul, Muangtai, jeung Indonésia.

Rujukan

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]