Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti.Mangga bantos ngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi.Tag ieu dibéré dina January 2016
Edgar Allan Poe

Edgar Allan Poe (gumelar di Boston, Massachusetts, Amérika Sarikat, 19 Januari 1809 – maot di Baltimore, Maryland, Amérika Sarikat, 7 Oktober 1849 dina umur 40 taun) nyaéta salah saurang sastrawan, kritikus, éditor, jeung pamingpin Gerakan Romantik di Amerika Serikat.[rujukan?] poé loba nulis ngeunaan carita-carita misteri jeung horor.[rujukan?] poé dianggap jadi panaratas pikeun kamekaran carita-carita misteri jeung detektif dina jaman kiwari.[rujukan?] Salian ti éta, poé ogé kasohor jadi panulis dina genre anu ayeuna kasohor fiksi ilmiah.The Raven (1845) mangrupa salah sahiji sajak anu paling kasohor dina dunya sastra harita.[1]

Kahirupan

[édit | édit sumber]

Ti leuleutik poé geus jadi yatim piatu lantaran bapana ninggalkeun imah jeung indungna maot nalika umur poé masih tilu taun.[rujukan?] Tuluy poé diasuh ku John jeung Frances Allan, bandar roko anu suksés di Richmond, Virginia.[rujukan?] poé kungsi jadi mahasiswa di Universitas Virginia, tapi henteu bérés lantaran masalah ékonomi.[1][2]

Poe ninggalkeun kulawargana pikeun daptar jadi anggota militér Amérika.[rujukan?] Lantaran poé gagal dina krir militérna, manéhna milih fokus dina widang nulis karya sastra.[rujukan?] poé ninggalkeun kulawrgana pikeun daptar jadi anggota militér Amérika.[rujukan?] Lantaran poé gagal dina krir militérna, manéhna milih fokus dina widang nulis karya sastra. [rujukan?]Dina taun 1827, poé medalkeun kumpulan sajakna kalawan judul ‘’Tamerlane and Other’’.[rujukan?] Sabada medalkeun karya dina wangun sajak, poé ngamimitian nulis dina wangun prosa. poé ogé digawé di sababaraha jurnal sastra salaku kritikus jeung éditor.[rujukan?] Gaya nulis poé anu has dipikawanoh ku masarakat ngaliwatan éta jurnal sastra. [rujukan?]Sanajan kasohor dina widang karya sastra, poé henteu hirup sacara kalaleuwihi.[rujukan?] Sabalikna, kaayaan ékonomi poé dina kaayaan anu goréng lantaran ngan ngandelkeun tina hasil nulis wungkul.[rujukan?] Ieu hal nyababkeun poé sering pundah-pindah imah[2].

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b (en)Biografi Edgar Allan Poe (diaksés tanggal 21 Desémber 2014)
  2. a b (id) Profil Edgar Allan Poe (diaksés tanggal 21 Desémber 2014)