|
Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel. Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah. |
Dina basa Sunda réa istilah-istilah anu patali jeung sasatoan, di antarana[1]:
- Badot = embé jalu nu meujeuhna begér, kaambeu bau.
- Bajir/majir = munding, domba, embé nu teu daékeun anakan, jadi lintuh loba gajihna.
- Bangus = sungut sasatoan suku opat.
- Balung = 1. Jawér hayam nu ka luhur (bagian luhur); 2. Tulang.
- Bibit = ingon-ingon indungna nu (bakal) diarah anakna: lauk emas, domba émbe, munding.
- Borontok = warna bulu hayam, hideung atawa beureum campur totol-totol bodas
- Buntut = bagian awak sato nu pangtukangna.
- Burih = bagian eusi beuteung bangsa manuk tempat ngancurkeun (ngagiling) kahakananana.
- Camani = hayam camani, hayam nu hideung nepi ka tulang-tulangna, sok dipaké ubar atawa tumbal.
- Cécépét = anggahota lauk cai pikeun kasaimbangan awakna.
- Cungur = tungtung irung sasatoan sabangsa munding, jsb.
- Dada mento = daging dada hayam jeung bangsa manuk lianna.
- Danten = sato bikang nu tacan ngendog atawa anakan, tapi geus gedé (hayam danten, embé danten, jsb).
- Daringanti = tanduk munding nu hiji ka luhur, hiji deui ka handap.
- Dongkol = munding dongkol, munding nu tandukna duanana ngeluk (ngulapés) ka handap.
- Jago = hayam jaluna.
- Jajalon = munding, jsb. Jalu anu mimiti resep ka bikang.
- Jajangkar = hayam jago nu mangkat begér
- Jambul = bulu anu jadi luar biasa dina hulu hayam, jsb.
- Jarah = munding jarah, munding nu teu diurus, diantep sakarepna di sampalan, di leuweung.
- Jawér = gagabér (hayam, jsb) handapeun caréham.
- Kondang = warna bulu hayam semu konéng.
- Kukuncung = bulu nu ngacung atawa ngacir dina huluna (merak, jsb.)
- Kumahkar = hayam bikang nu kokotak rék ngendog.
- Leker = bangun tanduk munding anu tungtung jeung tungtung méh padeukeut.
- Pamatuk = sungut sasatoan sabangsa manuk, hayam, jsté. Paranti macok.
- Pancawarna = manuk titiran/purukutut nu sorana pohara alusna, langka tur hésé ngalana.
- Palén = munding jalu nu mangkat begér.
- Pelung = hayam pelung, hayam nu tarik sarta lambat kongkorongokna, kadéngé ka jauhna.
- Ranggah = tanduk ranggah, tanduk munding nu melung ka luhur; tanduk uncal nu ranggakgak.
- Renggé = warna bulu hayam nu méh siga célé leutik.
- Rintit = hayam rintit, hayam nu tungtung buluna carentik.
- Sanggadulang = bangun tanduk munding anu melengkungna rubak ka gigir.
- Sasapihan = anak hayam nu geus disapih ku indungna.
- Sisit = bagian kulit sasatoan tina sabangsa tanduk nu nyusun.
- Telih = sarupa kantong handapeun beuheung hayam jeung bangsa manuk lianna, tempat ngumpulna kahakanan.
- Tumang = anjing nu buluna hideung meles.
- Tunggir = bagal buntut hayam jeung bangsa manuk, ngandung gajih pikeun ngaleuciran buluna.
- Tutul = maung tutul, maung nu buluna konéng totol-totol hideung.
- ↑ Hadi, Ahmad, spk. 2013. Peperenian: Kandaga, Unak-anik, Tutungkusan jeung Rusiah basa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: CV Geger Sunten