Daniel Jacob Radcliffe leuwih dipikawanohna ku ngaran Daniel Radcliffe (gumelar di Fullham, London, Inggris, 23 Juli 1989) nyaéta saurang aktor asal Inggris[1][2]. Daniel mangrupa anak dari pasangan Alan Radcliffe jeung Marcia Gersham[1][2]. Bakat aktingna geus dimimitian ti keur Daniel ilubiung di sawatara produksi di sakola[2]. Sanggeus karirna anu gumilang dina ngabéntangan katujuh sékuél Harry Potter, anu diangkat tina novel kasohor karangan JK Rowling nu sumebar ka sakuliah dunya[2]. Daniel jadi rumaja pangbeungharna di Inggris, ku panghasilan 42 juta pound, ngaleuwihan Kiera Knightley, Emma Watson, Ruppert Grint, jeung Robert Pattinson[1].
Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |