DAY6 (Hangul: 데이식스, ogé diserat DAY6) mangrupa band nu genrena rock ti Koréa Kidul nu aya di handapeun naungan JYP Entertainment. Mimitina, ieu band dieusi ku 5 anggota (Eaj Park, Junhyeok, Sungjin, Young K jeung Wonpil) nu dingaranan 5LIVE. Nanging, aya hiji anggota nu ngeusi posisi drum nyaéta Yoon Dowoon. Ahirna, 5LIVE diganti ku ngaran DAY6 jeung debut dina 7 Séptémber 2015 jeung lagu kahijina nu judulna Congratulations.

DAY6
DAY6 Kenca ka katuhu; Wonpil, Sungjin, Dowoon, Young K
Profil
Native nameDAY6, Hangul 데이식스
Nami lianBandéra Jepang Jepang デイシックス (Deishikkusu)
AsalBandéra Koréa Kidul Koréa Kidul
AliranRock, pop
Taun aktip2015 -ayeuna (hiatus)
LébelJYP Entertainment
Ramatlokaday6.jype.com
Anggota ti
  • Park Sungjin (Sungjin)
  • Kang Young-hyun (Young K)
  • Kim Wonpil (Wonpil)
  • Yoon Dowoon (Dowoon)
Baréto anggota ti
  • Park Jae-hyung, Eaj Park
  • Im Junhyeok

Anggota[1]

[édit | édit sumber]

Sungjin (Pamingpin grup, vokalis utama, gitaris)

[édit | édit sumber]

Park Sungjin (박성진) atawa Sungjin mangrupa pamingpin atawa nu tiasa disebut ku leader ti DAY6. Sungjin asalna ti Busan, salah sahiji wewengkon di Koréa Kidul. Baheulana—satacan DAY6 debut jeung dingaranan 5LIVE—Sungjin nyekel posisi pamaén alat musik perkusi sapertos cajon.[2]

Young K (Rapper utama, vokalis utama, pamaén bass)

[édit | édit sumber]

Kang Younghyun (강영현) nu leuwih sohorna ku ngaran panggung Young K nyekel posisi rapper, vokalis jeung pamaén bass atawa bassist dina DAY6. Young K ogé nyerat loba lagu DAY6 jeung artis séjén sapertos grup GOT7 nu baheulana bagéan ti JYP Entertainment. Young K kaasup ka sub-unit (bagian ti grup nu leuwih leutik) DAY6 sasarengan Wonpil jeung Dowoon, nyaéta DAY6: Even of Day.

Dina 6 Séptémber 2021, Young K ngamimitian karir solona nu ditandaan ku rilisna album solo nu judulna "Eternal".[3][4]

Wonpil (Vokalis utama, keyboardis)

[édit | édit sumber]

Kim Wonpil (김원필) atawa Wonpil nyaéta keyboardis nu ogé tiasa nyekel instrumén synthesizer. Sasarengan Young K jeung Dowoon, Wonpil kaasup ka sub-unit DAY 6: Even of Day nyekelan instrumén nu sarupa, nyaéta keyboard. Dina taun 2022, Wonpil minuhan kawajibanana—miluan wajib militer—janten idol K-POP kahiji nu asup ka militer Angkatan Laut.[5]

Dina taun 2022 ogé, satacan Wonpil miluan wajib militer, manéhna ngamimitian karir solo jeung ngarilis album "Pilmography".[6]

Dowoon (Drummer, vokalis)

[édit | édit sumber]

Yoon Dowoon (윤도운) atawa Dowoon mangrupa anggota DAY6 nu asup ka grup pangahirna. Manéhna nu nyekel bagean pamaen drum jeung anggota nu pangorana anu sok disebut maknae. Sasarengan Young K jeung Wonpil, Dowoon kaasup ka sub-unit DAY 6: Even of Day nyekelan instrumén nu sarupa, nyaéta drum.

Sanajan boga bagéan nyanyi nu pangsaeutikna jeung leuwih fokus ka instrumén drum, Dowoon ahirna ngarilis single solona nu judulna "Out of The Blue" dina 27 Séptémber 2021.

Diskografi[7]

[édit | édit sumber]

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. "Day6: Profile, Members, Ages, Birthdays, Positions". Hallyu Idol. Diakses tanggal 2022-05-17.  Archived 2022-05-24 di Wayback Machine
  2. "Sungjin". Day6 Wiki. Diakses tanggal 2022-05-17. 
  3. antaranews.com. "Young K DAY6 umumkan tanggal debut solo". Antara News. Diakses tanggal 2022-05-17. 
  4. "https://twitter.com/day6official/status/1429458354284335108". Twitter. Diakses tanggal 2022-05-17. 
  5. "DAY6's Wonpil attends his training completing ceremony as the first ever K-Pop idol to serve in the ROK Navy". 
  6. "https://twitter.com/day6official/status/1490617479336366080". Twitter. Diakses tanggal 2022-05-17. 
  7. "DAY6 Discography (Updated!)". Kpop Profiles (dalam en-US). Diakses tanggal 2022-05-17.