Tangkal Camcauh | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Kelas: | |
Ordo: | Ranunculales
|
Kulawarga: | Menispermaceae
|
Génus: | Cyclea
|
Spésiés: | Cyclea barbata Miers
|
Cingcau (Cyclea barbata) atawa Camcauh mangrupa tutuwuhan nu mangrupa areuy anu daunna lamun dirames dibauran cai saeutik engkéna sok ngagibleg saperti ager éncér.[1] Ilaharna sok diolah jadi inuman nyaéta és cingcau, biasana dina waktu buka puasa lantaraan tiis.[1] Camcauh aya anu dahanna paranjang saperti areuy daunna karandel jeung rada rubak.[1] Camcauh téh aya dua rupa nyaéta Camcauh Hideung jeung Camcauh Héjo.[2] Produksi camcauh lolobana di Indonésia persisna di Sumarorong, Sulawesi Barat.[2][3]
Tutuwuhan ieu asalna ti Asia, tuluy sumebar ka India, Birma, Indocina, Philipina, nepi ka Indonésia.[2] Tutuwuhan ieu alusna dipelak di daerah anu miboga kaluhuran taneuhna kira-kira 75 – 2300 m di luhureun permukaan laut.[2] Daérah Sumarorong, Sulawesi Barat mangrupa salah sahiji tempat anu alus pikeun tutuwuhan ieu ku sabab miboga iklim cuaca anu tiis jeung curah hujan anu cukup.[2] Tutuwuhan ieu geus diproduksi jadi cingcau bubuk anu leuwih loba diekspor ka luar negeri.[2]
Kecap "cingcau" aslna tina dialék HokkianSienchau (Hanzi: 仙草, pinyin: xiancao) anu dipaké di kalangan Tionghoa di Asia Tenggara.[4]
Nutrisi anu aya dina 100 g Cingcau nyaéta :
Ènérgi 122 kkal [2]
Protéin 6 g [2]
Lemak 1 g [2]
Karbohidrat 26 g [2]
Kalsium 100 mg [2]
Fosfor 100 mg [2]
Zat besi 3.3 mg [2]
Vitamin A 10.750 SI [2]
Vitamin B1 80 mh [2]
Vitamin C 17 mg [2]
Serat 6.23 g [2]