Atenuasi radiasi éléktromagnétik nu gumantung kana frékuénsi dina atmosfir.

Atenuasi nyaéta ngaleutikna atawa ngurangna amplitudo jeung inténsitas sinyal. Sinyal bisa ngaleutikan sacara éksponénsial ku cara transmisi ngaliwatan hiji médium. Aténuasi mangrupa hiji sipat nu penting dina panerapan telekomunikasi jeung ultrasonik lantaran boga peran dina nangtukeun kakuatan sinyal sabagé fungsi tina jarak. Atenuasi biasana diukur maké hijian decibel per hijian panjang médium (dB/cm, dB/km, jeung sajabana) sarta dinyatakeun ku koéfisien atenuasi médium kasebut.[1]

Tempo ogé

Tumbu kaluar

Rujukan

  1. Essentials of Ultrasound Physics, James A. Zagzebski, Mosby Inc., 1996.