Amparan Sunda jeung Amparan Sahul kiwari. Wilayah di antarana katelah "Wallacea".

Istilah Amparan Sunda (paparan Sunda, Sundaland) nujul ka wewengkon biogéografis Asia Tenggara nu ngawengku Tanjung Malaya jeung kapuloan Sunda Gedé. Di beulah wétan, Amparan Sunda téh diwatesan ku Garis Wallace, nu diwanohkeun ku Alfred Russel Wallace, nu nandaan wates wétan sasatoan (fauna) mamalia tatar Asia, sarta wates ékozona Australasia jeung Indomalaya. Kapuloan wétaneun Garis Wallace katelahna Wallacea.[1]

Kapuloan Amparan Sunda téh mangrupa tungtung buana Asia di beulah tenggara. Dina jaman és, beungeut laut téh leuwih handap sahingga sakabéh amparan Sunda masih mangrupa daratan. Ku kituna, pangeusi kapuloan Amparan Sunda mah sarua jeung mamalia Asia umumna, kayaning monyét, kera, lodaya, tapir, jeung badak. Garis Wallace nu ngawengku Selat Lombok antara Bali jeung Lombok, sarta Selat Makassar antara Kalimantan jeung Sulawesi, nandaan tungtung buana Asia, sahingga kapuloan Wallacéa mah misah ti Asia jeung Australia sarta Guinea Anyar.

Para ahli botani kadang ngahijikeun Amparan Sunda, Wallacéa, Pilipina, jeung Guinea Anyar dina propinsi paleuweungan (floristic province) Malésia, dumasar kamiripan flora/tutuwuhanana nu lolobana mah asalna ti Asia.

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Pustaka pilihan ngeunaan sasatoan Kalimantan

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Idianto, Mu'in; MK (2012). Pengetahuan Sosial Geografi 2. Jakarta: Grasindo. p. 32. ISBN 9789797326302.