Alap-alap
Status konservasi
Least Concern
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Falconiformes
Kulawarga:
Accipitridae
Génus:
Accipiter
Spésiés:
A. virgatus
Ngaran binomial
Accipiter virgatus
Temminck, 1822

Alap-alap (Accipiter virgatus) téh manuk pamangsa ti kulawarga Accipitridae, sumebar di leuweung Asia kidul (Pakistan jeung India) nepi ka Cina kidul jeung Indonésia. Nyayangna dina tangkal jangkung, sakali usum endogna 2-5 siki, ganti sayang unggal taun. Ieu manuk téh raptor ukuran sedeng (29–36 cm), jangjangna pondok tapi rada lébar sarta buntutna panjang nu ngadukung pikeun kalincahanana nalika hiber.

Pangawakanna sagedé japati, sahandapeun heulang, bisa eureun hiberna di langit bari jang-jangna kikiplik nyidik-nyidik mangsana anu aya di handap.[1] Nalika usum halodo, alap-alap sok kaluar ti leuweung ka tegalan jeung pakebonan/pahumaan. Nu dimangsa bangsa kadal, papatong, manuk leutik, jeung mamalia leutik.

Rujukan

[édit | édit sumber]


  1. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 14. ISBN 9793631937. Diakses tanggal (disungsi) 19 Des 2020.