Ajug nyaéta pangganjel damar sangkan caangna leuwih lega.[1] Ajug bisa ogé disebut suku; tihang damar aya ajug nu ngahiji jeung damarna aya ogé anu misah, malahan ajug nunjul ogé kana barang séjén anu ngahaja dimangpaatkeu pikeun ganjel damar.[1][2] Ajug sagigireun pikeun nambahaan caang rohangan, ogé mangrupa papaés rohangan utamana di kantor-kantor atawa imah jalma beunghar.[2]
Aya paribahasa élmu ajug, taya lian tumerapna ka jalma anu ngan bisa mapagahan kahadéan ka batur, tapi manéhna sorangan henteu ngajalankeun papatahna.[3] Dina kanyataan na ogé kitu caangna rohangan leuwih lega alatan ajug, henteu kungsi nyaangan ajugna anger waé ajugnamah kapoékan.[3]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |